SUNANGUNUNGDJATI.COM
Timimiti gubrak ka dunya kumelendang
Mikir lampah nu bakal kasorang datang
Jiga nu ngagupayan ngulang-ngulang
Sangkan raga urang jadi patandang
Diri nu jadi ciri hirup nu ngagalandang
Sangkan bisa mulang mawa ka meunang
Jangkar sangka anu jadi pamuntangan
Hirup sok inggis ku rempan jeung melang
Tapi hate tetep ka nu pasti sarta hiji
Jadi pamuntangan siang jeung wengi
Sangkan hirup jadi pasini jeung diri nu pasti
Ku lantaran hirup acan pasti jiga kamari
Dee. Andeska, Kelahiran Majalengka, 15 November 1981. Staf Internasional Office UIN Sunan Gunung Djati Bandung