AHMAD SAHIDIN, penulis buku Tanda-Tanda Kiamat Mendekat.
SUNANGUNUNGDJATI.COM
Nembe ba’da shalat shubuh, simkuring maos buku sajarah Nabi Muhammad saw anu diserat dina versi novel. Anu nyeratna Abdurrahman Syarqawi, jejer bukuna Muhammad: Sang Teladan (Bandung: Penerbit Irsyad Baitussalam, 2007). Numutkeun simkuring ieu buku kawilang sae dina narjamahkeun. Karaos gampil kahartos sareng henteu sesah nyerepna dina uteuk kuring.
Dina buku eta dicarioskeun Sayyid Abdul Muthalib teh kantos nadzar dipayuneun patung-patung di Ka’bah, Makkah. Mun gaduh putra sapuluh rek dupencet hiji. Dikersakeun Anjeuna gaduh putra sapuluh. Saparantos arageung, Anjeuna datang ka payuneun Hubal teras ngundi nangge jamparing. Lagragna teh ka nami Sayyid Abdullah.
Anjeuna reuwas tur henteu tega mun Sayyid Abdullah kudu dikurbankeun. Badami sareng rerencangan anu sanes. Anjeuna ka Yathsrib milari ahli agama kanggo naroskeun perkawis nadzar tea; nu bade ngurbankeun Sayiyd Abdullah. Pondok carita kurban Sayyid Abdullah teh digentos janten saratus onta.
Jigana eta riwayat aya pangaruh Israiliyat atanapi atos disimpangkeun tinu sajarah anu bener. Asana henteu kahartos ku akal: Sayyid Abdul Muthalib anu katelah pamingpin agama Hanif, agama Nabi Ibrahim as, nyembah berhala sareng nadzar ka Hubal.
Ngan orokaya caritana anu kitu ampir aya dina buku-buku sajarah. Mun teu lepat mah, Muhammad Husain Haikal oge dina bagean awal buku nyebatkeun carita umum samodel Syarqawi.
Mun ngilikan sajarah Anbiya, khususna Nabi Ibrahim as perkawis meuncit domba patali sareng kurban putrana Nabi Ismail as. Saterasna digentos janten domba anu gede. Sahingga janten syareat agama Islam yen mun kurban kedah ku sato. Perkawis kurban tiasa dihubungkeun sareng kurban antawis Habil sareng Qabil. Duanana putra Nabi Adam as. Anu ditampi ku Allah kurbanna Habil anu make domba gede jeung sehat. Anu kurban ditolak nyaeta pare sareng gandum ti Qabil kacarioskeun eta banda anu dikurbankeun sareng anu sae. Ngandung hikmah keur urang mun kurban kedah anu pangsaena.
Naha beut kajantenan deui, kedah jalmi anu dikurbankeun dina jaman sateu acan babar Kangjeng Nabi? Tah ieu panginten anu disebat jahiliah tea. Kedah maluruh deui na kitab tarikh. ***